Minggu, 09 Februari 2014

Carpon

Ku Winni Siti Alawiah

Nu di tunggu-tunggu ku Ibu teh can datang-datang keneh. Bolak-balik di buruan siga nu hariwes-wes rarungsing katingalina teh. Bari sasakali ningali ka jalan. Saha atuh nu diantosan pisan ku Ibu teh?. Asa panasaran, Teh Widi nyamperkeun Ibu ka buruan.

“Ibu nuju ngantosan saha? Naha siga nu was-was kitu?”. Tanya Teh Widi.
“Nya saha deui atuh Teh mun sanes bapa di dinya”.
“har ari Ibu, siga nu osok wae ngantosan bapa uwih ti kantor”, Teh Widi mingkin panasaran. Naha Ibuna teu siga biasana nungguan bapa balik ti kantor.

“Eta Teteh, si bapa pikasebeleun pisan. Pas Ibu ka warung, ibu-ibu meuni heboh. Ceunah si bapa daftar lomba karaoke engke wengi”.

“Ya Alloh ari Ibu, gara-gara eta Ibu teh neupi ka hariwes-wes kitu. Nya keun we atuh Bu da moal matak jadi artis ieuh. Itung-itung hiburan tujuh belas agustusan….”, Teh Widi teu kuat, celeketek seserian meuni mupuas.

“Ah saruana si Teteh mah. Pokona engke wengi panto tutupan, antepkeun tong daratang nonton ngerakeun pisan”
“hahaahahha, Ibu..Ibu… teu nanaon atuh Bu… meh rame..”. Teh Widi seserian mingkin tarik. Teu kuat ningali kalakuan Ibuna, Teh Widi asup kajero imah.


Kesel banguna teh, Ibu teu nungguan bapa neupika ka datang. Bari ngahanetkeun sayur sop di dapur Ibu kukulutus siga ABG nu keur ‘galau’ ceuk anak muda ayeuna mah.
Tin…tin…tin…., sora klakson mobil kadangu tarik. Kabiasaan Bapa mun mulang ti kantor, mere tanda keur nu di imah sangkan muka panto pager.
“Teteh…., tuh bapa uwih buka pantona..!!!”
“Naha teu ku mamah wae, pan ti tatadi ngantosan bapa, hahahaha”, herey Teh Widi bari celeketek seserian.
Bapa gura-giru turun tina mobil. Nyimpen buku agenda di luhureun meja tuluy ka dapur nyamperkeun Ibu. Seuri Bapa siga nu bungah dan engke peuting bakal tampil di hareupeun warga sa blok lima.
“Naon sura-seuri..?”, Ibu meuni ketus ka Bapa.
“Ari Ibu kunaon, bapa nembe dongkap oge kalah disayagikeun ku jamedud kitu”, Bapa heran ningali lalampahan Ibu.
“Eta Pa, Ibu teh baeud ngadangu ti Ibu-ibu di warung. Saurna Bapa daftar ngiringan lomba karaoke engke wengi. Leres eta teh Pa?”, Teh Widi sumanget nanyana.
“Leres pisan atuh Neng. Pan kudu eksis atuh tong kamseupay!!!. Pokona InsyAlloh meunanglah. Pan Bapa teh ngaburu hadiahna”.
“Ah alesan eta mah. Ngisinkeun pisan ih si Bapa mah. Ibu mah moal nonton ah”, Ibu ketus keneh nembalan.
“Dangukeun heula Ibu. Terang teu hadiahna naon?”.
“Naon kitu? Paling oge acis saratus rebu atawa CD lagu-lagu dangdut….”
“Salah pisan Ibu. Matak Bapa sumanget daftar oge, apanan Bapa teh noong hadiahna naon. Hadiahna teh rokok karesep bapa, Djarum Super sabungkus gede. Uh mantep eta mah keur tilu poeun. Pan untung oge ka Ibu, bapa jadi moal boros ku rokok”.
“Oh kitu nyah. Tapi da kekeh ngisinkeun Bapa mah. Ibu mah pokona moal nonton titik”.
“Tenang Pa, da sing moal nonton oge pasti kadangu pisan… panggungna payuneun bumi kitu, hahahahaha”, Teh Widi mingkin resep ngahereyan Ibuna.
“Heug, tingali we mun si Teteh nonton dikoncian ku Ibu pantona”.
Calakatak Bapa jeung Teh Widi di dapur puas pisan nyengserikeun lalampahan Ibu nu siga budak. Ibu mah emang teu pati reusep mun Bapa lolombaan kitu, komo lombana lomba karaoke.
***
Beres solat magrib, Bapa meuni segut nyuruput sayur. Ceunah mah ameh engke sorana siga Krisye. Tungtungna mah Ibu jadi hayang seuri sorangan ningali Bapa siga nu he’eh wae. Latihan vokal heula sagala di kamar, bari bunyang- benyeng di hareupen kaca. Ibu nu rek cacarek teh jadi teu purun geus ningali kalakuan bodor Bapa mah.
“Bu..hayo atuh nonton kaluar. Pan Bapa bade show, pasti rame geura”, ajak Bapa ngolo Ibu.
“Ah teu purun, Bapa mah ngisinkeun ih. Ibu mah bade di kamar we jeung Teh Widi”, tembal Ibu bari jumadad jamedud.
“Ih ari Ibu, teteh mah hoyong ningali. Ningali yu Bu, pan nyemangatan suami mah wajib..”
“Hadis ti mana eta teh, asa teu aya tidituna ge…nya heug we teteh nonton kaluar nyalira, Ibu mah moal ah”, Ibu kekeh.
“Nya atuh Ibu mah dangukeun we nya sora emas Bapa nu siga Krisye. Nya Bu, doakeun atuh Bapana, hahaha”, Bapa meuni so sweet ngolo Ibu bari nyium pipina. Ibu mah komo getekan, mun geus dicium ku Bapa mah pasti sok sura seuri bungah. Teh Widi nu ningali adegan romantis kolotna ngan bisa seuri gemes.
Geus sapuluh menitan Bapa kaluar ti imah, Ibu mingkin hariweswes dina kasur bari di simbutan siga nu paranas tiris. Teh Widi nonton ti buruan imah jeung tatangga gigireun.
“Teh Widi, saurna Bapa ngiringan lomba oge?”, Dian nanyakeun ka Widi bari ngagayem bala-bala meuni siga nu enak pisan.
“Ih bagi heula atuh eta bala-bala”
“Eh punten teu nawaran, sok mangga. Mamah tadi ngadamel gorengan, saurna mah kango ngemil engke wengi pas nonton Bapa nyanyi”
“Oh Bapa Dian ngiringan oge?”, tanya Teh Widi bari milihan gorengan dina piring nu haraneut keneh.
“Muhun pan tikamari Bapa Dian mah tos latihan. Da meuni pede pisan si Bapa mah, ceunah yakin bakal meunah juara hiji. Nyan ngaamin we Dian jeung Mamah mah, hahaha”
“Bapa Dian mah untung da ku Mamah Dian didukung. Ari Bapa Widi, kalah dijamedudan geura ku Ibu. Da Ibu mah teu resepeun mun Bapa ngiringan karaoke kitu teh. Hahahaha”
“Peserta ka dalapan belas, Pa Deden Dendayasa. Mangga-mangga…di geboy pa…”, sora Bu Niar ketua RW nu di barengan ku surak panonton nu rame pisan. Ma’lum Pa Deden mah geus katelah jelema na beuki herey. Puguh we, nu nonton teh komo ibu-ibu mah raresep ningali Pa Deden nyanyi. Ari nyanyi mah emang geus hobi Pa Deden di imah mun poe minggu, teu kapok mun di carekkan ku Ibu oge. Jadi teu aneh mun sorana emang alus.
“Wid,.tah bagian Bapa Widi”.
“Eh enya, keheula nya. Widi ka lebet heula…”. Teh Widi lumpat ka jero imah, nyamperkeun Ibu di kamar tuluy ngabejaan Ibu mun Bapa keur nyanyi. Ibu lucu pisan, bari dilulukut ku simbut, pura-pura embung ngadangukeun.
“Bu..atuh Bu hayu urang ngadangukeuna di luar ameh cekas. Sakalian ningali geboyna Bapa…”
“Ih ari teteh, di kamar we ih. Isin..isin Ibu mah. Sok era paradah ka Ibuna, hahahaha”, Ibu ge tungtungna mah seserian di kamar ngadangu sora Bapa ngahaleuangkeun lagu lawas. “kalau kau benar-benar sayang padaku, kalau kau benar-benar cinta,,,,tak usah kau katakana semua itu! Cukup tingkah laku……”, sora Bapa meuni merenah da nyanyi legu karesepna.
Ibu mingkin ngagakgak di kasur ngadangu sora sorak  jeung amprok ibu-ibu meuni rame. Sabenerna mah Ibu ge panasaran hayong ningali Bapa di panggungna kumaha, ngan teu tuluy da eleh ku era.
Teh Widi ka buruan deui nyamperkeun Dian. “Rame Wid pas Pa Deden tampil mah. Wah pimeunangeun tah eta mah”.
“Amin Dian, puguh Bapa Widi teh hoyong pisan meunang saurna teh”.
“Saha atuh Wid anu alim meunang, hahahahaha”, Widi jeung Dian seserian neupika kabeusekkan.
Sakitar jam dua belasan lebih, acara lomba karaoke RW 5 teh rengse. Panitia gura-giru sibuk meresan panggung, papayon, jeung sagalana nu ngahias lapangan poli nu geus siga kapal pecah pinuh ku sampah.
“Deuh Bapa, teu sia-sia latihan tiap minggu. Juara oge, nya sanes juara hiji oge tapi juara dua..”, Teh Widi mere selamet ka Bapana. Juara hijina teh nyaeta Pa Rudi bapana Dian.
“Ibu kadieu, tah tingali salaki Ibu jadi juara dua lomba karaoke sa RW lima…”, gero Bapa sumanget 45’na langsung muncul.
“Em gusti, hahaha. Bapa..Bapaa…mana atuh sing ningali hadiahna teh”, Ibu jadi kabawa sumanget ningali Bapa. Pada panasaran ningali hadiahna, Bapa buru-buru muka eta hadiah nu gedena siga rokok sa pak nu di damba-damba.
“Tuh pan bener Bu!, hadiahna Rokok, Djarum Super deuih kareseup Bapa!!”, Bapa siga nu menang duit sajuta ningali sa pak rokok karesepna.
“Nya atuh Ibu ngiring bingah, lumayan jadi Bapa oge moal boros meseran rokok wae”
“Eh Bapa kin heula, naha ning rada penyong bungkusna..”, Teh Widi nuduhkeun bagian dus rokok nu rada penyon kajero.
“Eh, naha ieu teh…”, Bapa muka dus rokokna lalauanan
“Gusti nu Agung!!!!” Ibu reuwas ditambah hayang seuri ningali eusi dus rokok nu dibuka Bapa.
“Ning eusina sanes rokok Pa…”, Teh Widi oge ngahuleung.
“Ah naon ieu teh….”, Bapa langsung kuciwa pisan. Ngajentul dina korsi bari ngabulak-balik dus rokokna.
“Tos Pa tong dipikiran, keun we engke ku Ibu di pangmeserkeun lah rokok sa dus mah. Itung-itung hadiah Ibu kanggo Bapa…”, Ibu ngupahan Bapa, da asa water ningali Bapa nu kuciwa pisan.
“Bu, pangmeserkeun tong henteu rokokna. Meuni karunya ningali Bapa”.
Peuting eta Bapa hulang-huleng siga nu teu percaya. Rokok sa dus nu di damba-damba teh ngan ukur impian teu nyata.
***
Isukna, Bu Giya mamahna Dian rame di warung nyaritakeun salakina nu jadi juara hiji lomba karaoke peuting.

“Ku maha Bu si bapak bungah atuh jadi juara hiji?”, tanya Ce Nunung.
“Eh puguh ge Ce, kuduna mah bungah si Bapa teh meunang juara hiji. Tapi kalah kuciwa kacida, da samarukna hadiahna teh rokok. Eum padahal mah kue kaleng dua”.
“Hor naha, atuh lumayan kue kaleng oge”
“Apanan ngiringan lomba teh kapincut ku hadiahna nu ceuk beja mah rokok”
“Eh Ibu ning sami siga si Bapa di bumi. Apanan si Bapa oge samarukna hadiahna rokok sa dus. Em gusti wengi teh meuni hulang-huleung rewas pas muka dus rokok teh eusina ngan mari Roma nu ageng dua bungkus”

“Hahahah, aya-aya wae eta Pa Dendayasa jeung Pa Rudi”. Ce Nunung ngagakgak seserian di susul ku Mama Dian jeung Ibuna Widi.
Tungtungna Mamah Dian jeung Ibuna Widi ngarencanakeun ngahadiahan rokok sa dus keur geunti hadiah peuting. Dina luhureun dus rokokna, di tempelkeun tulisan ku Ibu. Eusi tulisana nyaeta “ Djarum Super Kango Pa Dendayasa”.


0 komentar :

Posting Komentar