Senin, 16 Desember 2013




Ku Winni Siti Alawiah

Ni asa waraas ningali suasana kampus unggal isuk jeung sore. Ayeuna mah ngan ukur ngaliwat ka kampus teh, eta oge mun indit isuk jeung baikeun sore ti sakola. Tinggal sababaraha bulan deui si Siwi ngarawu elmu di di kampus kasohor eta teh. 

“Eum Gusti, tereh ka lulus teh. Naha enya ieu teh?”, dina hatena, bari ngarenghap panjang.

Sabari ngalaksanakeun PPL (Program pangalaman lapangan) di hiji sakola nu kasohor ku sebutan ‘Sakola Elit’, Siwi masih keneh narima gawe ngajar privat oge. Itung-itung nambah duit jajan oge. Maklum da jadi mahasiswa tingkat akhir mah pasti loba pangaluaran. 

Siga kamari wae, manehna kudu ngaluarkeun duit opat puluh dua rebueun ngan ukur keur moto kopi soal ulangan. Untungna si Siwi mah teu aral kana nu kitu, sabab manehna mikirna positif. Sangkan eta teh keur pangalaman jeung elmu nu bisa diterapkeun dikahirupanana.

“Silmi Widianti!”, sora tarik ngageroan ti tukang. Aya nu lumpat.
“Siwwwwiii…….!!!”, Siwi can ngadangu keneh mulai ngalihkeun tetempoanan tina gedung budas nu megah itu.

“Hey Siwi!”, lengeunan bari noel ka tonggong Siwi.
“Hey! Eleh si Gendut! Ih meni pangling”.

“Di geroan teh teu malik-malik. Kumaha ayeuna kabarna? Nie geus lila teu papanggih.”. Obrolan Siwi jeung babaturanna nu gendut etateh nerus nepi ka beurang di kantin harep sakola.
Da ari ngobrol jeung cees mah sok teu karasa waktu teh nyerelek. Tungtungna babaturan Siwi ngilu shalat dzuhur di sakola. Geus sagala weh di obrolkeun teh, tina kagiatan di sakola nepika pilem korea karesep duanana.

“Hayu Wi, urang balik heula. Nuhun ya”
“Ting kapok-kapok nya”
“Pasti”

Sora tarik bel sakola kadangu, waktuna Siwi asup ka kelas sabelas. Poe harita materina ngenaan maca puisi. Puguh we sumanget Siwi meni gede pisan, lebayna mah sumanget 45’. Saking resepna Siwi maca puisi ti letik neupikeun apal puisi-puisi Sutardji mah.
Di kelas barudak geus nungguan meni antusias da pada panasaran ningali guruna nu geulis maca puisi di hareupeun kelas keur nyontoan. Samemenahne siga biasana Siwi ngabsen heula kahadiran siswana. Aya we nu pikaserieun tina tingkah polah barudak kelas sabelas teh. Komo si Munir mah, budak lalaki di kelas eta nu pang bodorna. Sagala piomongeuna sok pikaseriuen ditambah ku sura seurina nu siga Komeng. 

“Bu Abdi teu acan di absen ning?”
“Eleh-eleh. No absen kasabaraha atuh Nir?”
“Tilu dalapan bu”
“Pan iyeuma masih keneh no absen lima belas”

Geur eta teh sakeulas nyengserikeun si Munir. Siwi oge sakapeung mah sok teu kuat hayang seri bari rada di tahan oge meuh rada aya wibawaan hareupen siswa.
“Bu, naha di luar mah rada angkeub?”

“Oh meren, gara-gara cahayana di borong ku ibunya”
Ger deui eta barudak sakelas ngagakgak seseian puas pisan. Emh, emang kalakuan si Munir mah bodor pisan. 

Beres ngabsen barudak di bagikeun salembar puisi nu beda-beda. Siwi ngabejaan sangkan manehna rek nyontoan heula. Karedk gek diuk, hape hurung rada tarik sorana. Biasana mun sms tara waka diwaro ku Siwi da keur ngajarmah asa kurang sopan smsan di kelas mah. Ngan naha pas ditingaliteh etamah telepon, Ti babaturana nu tadi. Aya sms oge ti babaturana, “Wi penting angkat telepona”.

Langsung we Siwi menta izin ka luar kelas keur ngangkat telepon ti babaturana.
“Aya naon?”, Siwi rada was-was
“Duh kumaha ieu, ipad jeung flasdisk urang leungwit Wi. Mangkaning rek dipake presentasi sidang ayeuna di kampus.”

“Astagfirullahaladzim, naha atuh bis aleungit. Dimana lengitna, di angkot?”
“Sigana mah tadi pas di sakola ngilu shalat. Ayeuna oge urang kasakola deui. Iye geus di hareupeun ruang guru.”
Siwi rada leleus ngadanguna. Asa ngarasakeun mun flashdisk leungit. Kabeh data penting aya di dinya, pang pangna mah bahan skripsi jeung revisiannana.

Babaturana ngadadahan ti hareup ruang guru. Manehna langsung nyamperkeun ka hareup kelas Siwi samemeh Siwi nyamperkeun manehna.

“Kumaha atuh. Haiyu urang teangan di mesjid atawa di tempat hudu”
“Ke heula. Urang miscall heula ayeuna aktif atawa heunteu.”
“aktip aktip. Ngan keheula…”. Sora lagu ni tarik asalna ti jero kelas Siwi.
“Eta sora hape urang. Di jero!”
“Ah meenya aya di jero kelas ieu.”

Siwi langsung menta izin ka siswa mawa asup babaturana. Sora hape teh mingkinan tarik asalna tina jero tas Siwi. Siwi ngagebek reuwas kacida. Naha enya eta sora hape babaturana. Meenya bisa aya dina tas manehna, padahal babaturana teu ngoprek tas Siwi.

“Hor, ning sorana ti jero tas eta”, Manehna langsung muka tas Siwi teu nanya heula.
Wadah hape warna pink nu di jerona aya hape jeung flasdisk teh bener we aya di jero tas Siwi. Bari dipariksa hape teh babaturana ngadelek sinis.

“Teu nyangka Wi, maneh teh siga bageur padahal garong ning. Babaturan tapi wani ngarampok barang. Ih teu nyangka pisan”.

Siwi siga nu kasima teu nyangka babaturana tega ngomong kitu di kelas nu di tempo ku kabeh siswa. Di kelas sabelas teh langsung rariweh pa harewos-harewos. Aya nu nempokeun beunget jadi terepna ka Siwi oge.

“Hayu urang bereskeun di luar kelas.”
“Ah teu kudu Wi. Iye mah geus jelas mun nu garong teh didinya.”
“Astagfirullah, ni tega nuduh urang. Keur naon atuh ngarampok barang batur ari masih keneh mampu meli mah. Geus mah eta teh dosa.”

“Tong ngomong dosa Wi ari geus ngalakuken salah mah. Moal aya garong ngaku.”
“Ya Allah. Sumpah demi Allah urang mah can pernah rumpak rampok barang batur. Ih nauudzubillah pisan.”

“Iye buktina” bari manehna nyodorkeun wadah hape.
Sora siswa mingkin kadenge pada nyibir Siwi.
“Ih ibu meni wani ngarampok kitu”
“Teu nyangkanya ibu Siwi teh siga bageur padahal mah ning garong”
Siwi leles, ngucur ci matana ngabaseuhan pipina nu kempot. Manehna ni asa di bentar gelap, cobaan beurat ti Gusti teh asa teu kuat deui di jalanan ku manehna. 

“Aya naon ieu teh. Cek beja aya guru nu ngarampok?” Sora pak Kepala sakola nu asup jeung rombongan na. Sora ceurik Siwi mingkinan tarik sesegukkan.

“Abdi teu salah, teu ngarampok.” Barik ingsrek-ingsrekan manehna nyusut ci mata nu teu root-root. Akhirna di susul ku rombongan aweww jeung lalaki nu asup ka kelas mawa kue aya lilinan.

“Selamat ulang tahun Siwiiiiiiiiiiiii……..”, Geer kabeh siswa nyanyi lagu selamat ulang tahun. Siwi ngahuleung aneh, kaget jeung teu pararuguh rarasaan asa ngimpi. Pang anehnamah naha loba babaturan sma na. 

“Surprise! Selamat ulang tahun Silmi Widianti.” Sora babaturan sma na nu geus lila teu papanggih. Langsung Siwi ngajerit bungah bari nangkeup babaturanna.

Dina kartu ucapan ulang tahun ti babaturan SMA na

Kanggo nu spesial Siwi si kempot
Pasti pas baca kartu ieu. Siwi keur ceurik terus tungtungna sura seri sorangan.
Wi inget te pas sma Siwi ngabebelaan ngadekor kelas ngumpulkeun dana keur ngarayakeun ulang tahun Dani? Baheula Dani emang jalma susah keur sakola oge kudu nungguan beasiswa bari jeung daftarna ge hese pisan. Ari ayeunamah Dani geus jadi direktur utama di perusahaan di Singapore. Manehna ti bulan kamari neleponan arurang sakelas ngan ukur bisa ngumpul jeung arek ngayakeun acara ulang tahun Siwi. Manehna nyaah pisan ka Siwi nu baheula meni bager ka manehna. Pokokna carita saterusna urang ngobrol bari reunian.

Catetan:
Wi, neupika ayeuna Dani masih kenel bujang jajaka tulen, haio geura jadikeun. Da Siwi jeung Dani teh cocok ti baheula oge.
Salam Bungan ti
Pratiwi, Ita, Agung, Septi, Dian, Marla, Kiki, Andra, Bayu, Widya, Winni, Dinar, Selma, Rosita, Ahmad, Gian, Muhammad A., Andika, Gina, Agit, Lia, Nita, Nurul, Meida, Qoqoh, Merin, Cece, Novia, Santi, Robi, Rizal, Firman, Rusli, Jian, Manda, Deden.

Di SMAN 1 Kota Bandung
Nuju PPL Salasa 19 Februari 2013



0 komentar :

Posting Komentar